Materi Panumbu Catur Kelas 11

Fatih.co.id

Materi Panumbu Catur Kelas 11
Materi Panumbu Catur Kelas 11

Contoh panumbu catur

1. Contoh panumbu catur

ngabuka sawala

Assalamu’alaikum wr.wb

Para pangjejer sareng para pamilon anu ku simkuring di pikahormat, puji sinareng sukur hayu urang sami-sami panjatkeun kahadirat Allah SWT anu parantos maparinan ka urang sadaya nikmat kasehatan sinareng kasempetan sahingga urang tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, petepang raray dina ieu kasempetan kalawan dina kawilujeungan.

Solawat kalih kasalametan mugia tetep dilelerkeun ka jungjungan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kaluwargina, ka para sohabatna, sareng mudah-mudahan nepi ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Aminn..

Tepangkeun wastapun (……) simkuring ngagem pancen janten panumbu catur teu hilap ngahaturkeun rewu nuhun kapara pangjejer sarta pamilon anu parantos kersa hadir dina ieu kempulan kanggo medar sareng ngadiskusikeun ngeunaan e-learning. Ku kituna supados henteu nyangkolong kana waktos, hayu urang sadaya buka ieu sawala ku aosanBamallah  sasarengan.

2. ngawanohkeun pangjejer

Para pangjejer sareng pamilon anu ku simkuring dipihormat

Sataacan nincak kana acara nu salajengna supados teu di saha-saha, sim kuring seja nepangkeun para pangjejer nu bade ngadugikeun kamandangna

            Pangjejer nu kahiji nyaeta,  Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd anu asalna ti ciamis, bobor kaping 29 Februari 1956 mantena mangrupikeun pangamat pendidikan ti dinas pendidikan provinsi jawa barat. Wilujeung enjing bapa, haturnuhun kana kasumpingana.

Anu kadua nyaeta Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd  anu asalna ti Lembang, Kabupaten bandung Barat boborna kaping 24 Desember 1968 mantenna mangrupikeun guru anu kawilang senior anu tangtuna parantos ngaraoskeun parobihan parobihan dina sistem pendidikan salila ieu. Wilujeung enjing ibu, hatur nuhun kana kasumpingannana.

3. ngatur jalana sawala

Para hadirin, supados urang leuwih neleman ngenaan jejer anu bade dibahas ku urang sadaya, hayu urang regepkeun kamandang ti para pangjejer.

Sumangga ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd kanggo ngadugikeun kamandangna.

Hatur nuhun ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd anu atos ngadudikeun kamandangna. Sae kacida naon rupi anu didugikeunana, saalitna parantos muka pandangan urang sadaya ngeunaan e-learning. Nurutkeun mantenna e-learning teh mangrupikeun salah sahiji kamajuan dina bidang pendidikan anu tiasa ngajadikeun siswa teh aktip tur tanggap khususna kana pelajaran. Siswa anu salila ieu ngan ukur jadi objek, nu saukur diuk, ngaregepkeun guru nu ngocomblang di robah pikeun jadi subjek neangan rupi rupi elmu ngan lain saukur ti guru wungkul.    

Kumargi kitu hayu urang lajengkeun wae ieu sawala. Anu salajeungna ka Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd dihaturanan kanggo ngadigukeun kamandangna.

Hatur nuhun ka Ibu
Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd anu atos ngadudikeun kamandangna. Nurutkeun mantenna ayana e-learning teh ngagaduhan kalewihan oge kakurangan. kalewihanna nyaeta pangajaran tiasa langkung di efektifkeun sarta lewih efisien dina hal waktos. Sajabi ti eta pangajaran tiasa di lakukeun di mana wae, lain saukur di sakola wungkul. Ari kakuranganna nyaeta, e-learning  teh teu acan tiasa dilarapkeun di tiap daerah di Indonesia kusabab kakendala ku sarana oge prasarana.

Kulantaran waktos anu sakeudik, salajeungna sim kuring bade ngawatesan kanggo pamilon nu bade tumaros, ngan ukur kanggo tilu urang. Dina ngadugikeun patarosannana kedah ngacungkeun pananganana teras nyebatkeun namina sarta teu kenging gogorowokan.

Hatur nuhun ka (…..) anu tos ngadugikeun patarosanana, patarosanna kirang langkung ngenaan kabijakan pamarentah kangggo ngaleungitkeun katimpangan utamina dina hal sarana prasana anu ngadukung diterapkeunna e-learning. sumangga ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd kanggo ngawaler patorasanana

Hatur nuhun ka bapa anu parantos ngawaler patarosan ti Ainun , anu isi waleranna nyaeta pamarentah teh saleresna mah nuju ngusahakeun kanggo ngaleungitkeun katimpangan eta ku cara ngalokasikeun dana kinten kintenna 16 triliun kanggo ngarojong program e-learning ieu.

4. nutup sawala

Teu karaos ieu acara teh parantos rengse. Alhamdulillah ieu acara téh ti kawit dugi ka réngséna parantos kalaksanakeun kalayan lancer. Ku kituna hayu urang sesarengan nutup ieu acara ku maosan hamdalahsasarengan. Alhamdulillahirobbil alamin

Sim kuring salaku panumbu catur sareng saparakanca neda hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan-cariosan oge paripaos anu matak teu genah kana manah hadirin sadayana. Mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosan ti sadayana

2. Contoh panumbu catur

Nu perlu dilakukeun sangkan bisa nyieun contoh panumbu catur nyaeta kudu mikawanoh naon nu dimaksud panumbu catur sarta mikawanoh ragam basa nu aya dina basa Sunda. Panumbu catur teh nyaeta sarua hartina jeung moderator. Pancen moderator nyaeta mingpin jeung ngarahkeun lumansungna hiji sawala. Sawala teh hartina sarua jeung diskusi. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.

Pembahasan

Dialog antara panumbu catur jeung pihak lianna nu aya dina sawala atawa diskusi teh mangrupa salahsahiji rupa tina paguneman. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, antar dua urang atawa leuwih, silih tempas, sarta kalimah nu digunakeun dina paguneman tinulis mangrupa kalimah langsung. Ditilik tina suasanan, aya dua rupa paguneman nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi.

Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngawangkong caritaan sapopoe jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan. Saperti disebutkeun di luhur, nu mingpin atawa ngarahkeun lumangsungna sawala teh nyaeta panumbu catur. Sawala basa Sunda bisa ngagunakeun boh ragam basa hormat / lemes boh ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto panumbu catur dina hiji sawala ngeunaan “Tatakrama Basa Sunda” nu ngagunakeun basa Sunda ragam basa hormat / lemes:  

Sawala Tatakrama Basa Sunda

Panumbu Catur : Assalamualaikum wr wb, puji sinareng sukur mangga urang haturkeun ka Gusti Allah SWT anu parantos maparin rahmat ka urang sadayana. Hatur nuhun ka para wargi sadayana anu parantos sumping dina ieu sawala. Anu janten tema dina ieu sawala teh nyaeta “Tatakrama Basa Sunda”. Salaku urang Sunda urang kedah tiasa ngamumule basa Sunda. Salah sahiji cara supados urang sadayana tiasa ngagunakeun basa Sunda sacara leres urang kedah uninga naon anu dimaksad Tatakramam Basa Sunda. Kukituna, dina dinten anu sae ieu urang kasumpingan ahli basa Sunda anu parantos kakoncara nyaeta Bapa Dr. Asep Sutisna. Kanggo masihan gambaran saha Bapa Dr. Asep Sutisna teh mangga urang sami sami ngaregepkeun CV atanapi riwayat hirup anjeunna. Bapa Dr. Asep Sutisna teh marantoskeun pendidikan jurusan sastra Sunda S1 na di Universitas Sunda anjeunna teras ngalajeungkeun pendidikanana di Walanda kenging dugi ka lima taunna. Samulihna ti Walanda anjeunna janten dosen sastra Sunda di Universitas Sunda. Upami ningali kana pendidikan sareng pangalaman anjeunna, tangtos anjeunna teh uninga pisan kana seluk beluk sastra sareng basa Sunda. Kukituna, kanggo nyawalakaeun pentingna urang Sunda uninga kana Tatakrama Basa Sunda, dihaturan ka Bapa Dr. Asep Sutisna kanggo ngadadarkeun bahasannana.

Pangjejer : …..

Panumbu Catur : Para wargi sadayana, tah kitu geuning anu dimaksad Tatakrama Basa Sunda teh. Ayana ragam basa dina basa Sunda teh sanes kanggo ngabenten benten jalmi tapi kanggo ngahormat ka anu langkung sepuh sareng ngajenan ka sasama. Masih aya kenah waktos 30 menit deui. Mangga kanggo para wargi anu bade ngadugileun patarosan atanapi kamandang dihaturanan. Supados gampil mangga dihaturanan opat urang kanggo ngadugikeun patarosan atanapi kamandang anu salajengna eta patarosan atanapi kamandang teh dicatet kanggo engke tiasa diwaler ku Bapa Dr. Asep Sutisna.  

Pamilon 1  : …..

Pamilon 2  : …..

Pamilon 3  : …..

Pamilon 4  : …..

Panumbu Catur : Hatur nuhun kana patarosan sareng pamndangna. Anu kahiji, katilu sareng kaopat mangrupi patarosan. Anu kadua mah mangrupi pamadegan. Mangga dihaturanan ka Bapa Dr. Asep Sutisna kanggo ngadugikeun waleranana.

Pangjejer : …..

Panumbu Catur : Hatur nuhun ka Bapa Dr. Asep Sutisna anu parantos ngadugikeun waleranana. Tah kitu geuning, ari kapungkur mah ayana ragam basa dina basa Sunda teh karaosna sapertos ngabenten benten jalmi, namung ayeuna mah parantos ditegeskeun wirehna ayana ragam basa dina basa Sunda teh kanggo ngahormat ka anu langkung sepuh sareng ngajenan ka sasama. Kukituna istilah nu kapungkur disebat Undak usuk Basa teh ayeuna mah digentos ku Tatakrama Basa Sunda anu kakupingna langkung egaliter. Para wargi sadayana, alhamdulillah dina sawala ieu urang sadayana tiasa kenging elmu anu teu kinten pentingna kanggo ngamajengkeun budaya Sunda utamina kanggo ngamumule basa Sunda. Rupina dicekapkeun dugi ka dieu sawala ieu, hatur nuhun kana kasumpingan Bapa Dr. Asep Sutisna sareng para wargi sadayana. Wassalamualaikum wr wb.  

 

Pelajari lebih lanjut

Tugas panumbu catur https://brainly.co.id/tugas/4601892 Tugas panata acara jeung panumbu catur https://brainly.co.id/tugas/13413361 Pengertian girang acara https://brainly.co.id/tugas/12816378

__________

Detil Jawaban

Kelas : XII

Mapel : Bahasa Sunda – Pemandu Acara

Bab : 5

Kode : 12.13.5

Kata Kunci : Contoh panumbu catur

3. contoh panumbu catur

dia harus mencintai catur, bwrusaha dlm melakukuan nya, bwlajar dgn baik /efektif

4. jenis jenis panumbu catur??

Panumbu Catur upami dina basa Indonesiana mah disebat oge Moderator, anu mingpin hija sawala / diskusi.

Pancenna :

1. Ngajaga lancarna sawala.

2. Ngalempengkeun jalanna sawala, sangkan nepi ka nu dimaksud/dituju.

3. Nampung jeung ngamalirkeun kamandang pamilon sawala.

4. Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil sawala.

5. Ngarumuskeun hasil nu bisa di tarima ku pamilon sawala.

5. Istilah panumbu catur sarua jeung….

Istilah panumbu catur sarua jeung moderator, nyaeta jalma anu miboga tugas pikeun mingpin jeung ngarahkeun lumangsunga acara sawala
atawa diskusi. Sawala atawa diskusi teh kaasup kana paguneman resmi. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, dina naskah tulisan ngagunakeun kalimah langsung.  

Pembahasan

Ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta nyarita atawa ngawangkong caritaan sapopoe jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan.

Pelajari lebih lanjut

1. Definisi paguneman dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/712649

2. Manfaat paguneman https://brainly.co.id/tugas/7146957

3. Contoh paguneman bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/692067

__________

Detil Jawaban

Kelas : X

Mapel : Bahasa Sunda – Paguneman

Bab : 2

Kode : 10.13.2

Kata Kunci : Panumbu catur, moderator, paguneman, diskusi, sawala, paguneman resmi

6. contoh teks panumbu catur tentang lingkungan ​

minta bantuan mengerjakan tugas

7. naon nu dimaksud panumbu catur

Panumbu catur hartina sarua jeung moderator. Tugas panumbu catur nyaeta ngatur jalanna sawala atawa diskusi. Dina basa Sunda aya istilah anu disebut paguneman. Paguneman nyaeta ngawangkong atawa ngobrol dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, ngagunakeun kalimah langsung. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguenam resmi jeung paguneman teu resmi.

Conto paguneman resmi nyaeta saperti diskusi atawa sawala. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti nagawangkong sapopoe jeung babaturan atawa kolot sorangan. Dina diskusi atawa sawala, cacarita ataw ngawangkongna aya anu ngatur. Anu ngatur jalanna cacarita dina paguneman sawala nyaeta panumbu catur atawa moderator. Salian ti moderator, dina sawala aya pamilon jeung kadang-kadang aya oge girang serat.

8. syarat jadi panumbu catur?

Penjelasan:

kudu tetela jeung kudu jentre

9. Conto teks panumbu catur

Panumbu Catur ” Bahaya Naroba keur Para Rumaja “

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Bapa/Ibu kalih rerencangan sadaya anu dipihormat.

Dina danget ieu sim kuring saparakanca ti kelompok hiji bade medar pasualan “Bahaya Narkoba keur para Rumaja”.Ieu pasualan teh kalintang saena ku urang sawalakeun,jalaran beuki dieu jalmi teh seueur anu ngonsumsi komo ngedarkeun narkoba.Keur naon eta narkoba digunakeun keur jalmi ? Jalmi ayeuna mah seueur anu ngedarkeun narkoba paranti di jual atawa diedarkeun ngarah loba duit.

Sim kuring sareng rerencangan ti kelompok hiji,gaduh pamadegan yen narkoba teh bisa ngabahayakeun jeung ngarugikeun diri sorangan,diantawisna :

1. Masa depan para rumaja di indonesia teh jadi suram

2. Teu bisa ngabagjakeun Kaluarga,agama,jeung nagara

3. kacanduan,anu bisa nyieun jalmi teh teterusan ngonsumsi eta narkoba

4. Bisa oge ngaakibatkeun kematian

Rupina eta pamendak sim kuring saparakanca.Mangga ayeuna sim kuring ngahaturanan rerencangan sadayana,bilih aya anu bade mairan,nambihan atawa nyempad. Sumangga dihaturanan!

Sinta : Ceuk abdi mah ,saha wae jalmi anu masih ngagunakeun eta naroba teh kudu digeuingkeun.Ngarah sadar lamun narkoba bisa ngarugikeun sorangan!urang oge kudu jaga pergaulan ,jeung ulah ngadeukeutan jalmi nu sok make narkoba!

Siswanto: Sim kuring panuju kana pamadegan sinta ,mung aya tambahna.upami eta jamli teh anggeur keneh wae,narkoba teh kudu di piceun/dimusnahkeun.Rek kumaha carana ngarah para rumaja di indonesia teh bersih tina narkoba!Urang oge ulah narima barang ti jalmi nu teu dikenal,bisina eta teh narkoba!

Tiara : Sim kuring Panuju kana pamadegan Sinta sareung Siswanto,mung aya tambahna.lamun eta jalmi teh anggeur keneh wae,lapoekeun ka pihak anu berajib,yen manehna sadar ku kalakuanna sareung urang oge ulah poho ka gusti nu maha agung ngarah dijauhkeun dina hal anu goreng jeung ngarugikeun sorangan!

Hatur nuhun ka pamair ti rerencangan sadaya. Tina sawala urang nembe rupina tiasa dicindekeun,yen anu penting teh nyaeta kasadaran urang ngarah teu ngagunakeun narkoba anu bisa ngarugikeun sorangan.

Bapa/Ibu kalih rerencangan sadaya anu dipihormat,rupina sakitu anu tiasa kapidangkeun dina ieu sawala.Hatur sewunuhun kana perhatosana ti sadaya.apunteun bilih aya kalepatan sareung kakirangan.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Pembahasan

Terjemahan

Bapak/Ibu adalah sahabat semua orang yang dihormati.

Pada hari ini, teman saya dari sebuah grup akan menyebarkan isu “Bahaya Narkoba bagi Remaja”. Masalah ini sangat baik untuk kita diskusikan, karena semakin banyak orang yang mengkonsumsi bahkan mengedarkan narkoba. untuk? Saat ini banyak orang yang mengedarkan narkoba dan menjual atau mengedarkannya untuk menghasilkan banyak uang.

Saya dan teman-teman dari kelompok satu, berpendapat bahwa narkoba dapat merugikan dan merugikan diri sendiri, antara lain:

1. Masa depan remaja di Indonesia suram

2. Tidak bisa membahagiakan keluarga, agama, dan negara

3. Kecanduan, yang dapat membuat seseorang terus mengkonsumsi narkoba

4. Bisa juga menyebabkan kematian

Sepertinya itu ide dari sobat, silahkan sekarang saya persembahkan untuk sobat semua, jika ada yang mau berkomentar, menambahkan atau mengkritik. Mari kita berdedikasi!

Sinta: Saya bilang, siapa saja yang masih menggunakan narkoba harus dihukum, menyadarkan mereka bahwa narkoba dapat merugikan diri sendiri!

Siswanto: Saya setuju dengan pendapat Sinta, hanya ada satu hal yang perlu ditambahkan. Jika itu hal yang baik, narkoba harus dihilangkan / dimusnahkan. Bagaimana kita bisa memimpin remaja di Indonesia untuk bersih dari narkoba! Kita juga tidak boleh menerima hal-hal dari orang yang saya tidak tahu, mungkin itu narkoba!

Tiara: Saya setuju dengan pendapat Sinta dan Siswanto, hanya ada satu hal yang perlu ditambahkan.Jika orang itu jahat, beri tahu pihak yang bertanggung jawab bahwa dia menyadari perilakunya dan kita tidak boleh melupakan Tuhan Yang Maha Esa agar dia dijauhkan dari hal-hal yang buruk dan merugikan diri sendiri!

Terima kasih kepada penonton dari teman-teman semua. Dari diskusi kita baru-baru ini, dapat disimpulkan bahwa yang penting adalah kesadaran kita agar tidak menggunakan obat-obatan yang dapat merugikan diri sendiri.

Bapak/Ibu dari kedua sahabat yang saya hormati, sekian penampilan yang bisa ditampilkan dalam pembahasan kali ini. Terima kasih banyak atas perhatiannya dari semuanya. Mohon maaf jika ada kesalahan dan kekurangan.

Pelajari lebih lanjutMateri penjelasan tentang bahasa Sunda yaitu pada link brainly.co.id/tugas/1268244Materi penjelasan tentang contoh bahasa Sunda yaitu pada link brainly.co.id/tugas/3449094Materi penjelasan tentang advice sejarah bahasa sunda yaitu terdapat pada link brainly.co.id/tugas/1759550Detil jawaban

Kelas  : SD/ SMP

Mapel : Bahasa Sunda

Bab     : –

Kode  : –

#TingkatkanPrestasimu

#SPJ3

10. conto teks panumbu catur (moderator)

Panumbu catur atawa sok disebut oge moderator, nyaeta jalma anu biasana ngatur kagiatan diskusi atawa sawala. Diskusi atawa sawala biasa dilakukeun dina wangun paguneman. Paguneman nyaeta ngawangkong atawa ngobrol dua arah, antara dua urang atawa leuwih, silih tempas, anu ngagunakeun kalimah langsung.

Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto p
aguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngawangkong obrolan sapopoe jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan.

Dina paguneman aya sawatara aturan anu kudu diperhatikeun sangkan paguneman, saperti sawala atawa diskusi bisa lumangsung lancar sarta kaharti ku sarerea. Aturan anu kudu diperhatikeun dina paguneman nyaeta anu aya patalina jeung tarik launna sora atawa lafal dina ngawangkong, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah anu digunakeun dina paguneman, sarta penjiwaan dina ngawangkong.

Khusus dina paguneman anu ngagunakeun basa Sunda, anu dimaksud ku pilihan kekecapan anu merenah teh diantarana aya patalina jeung ragam basa anu digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina ngagunakeun ragam basa, kudu konsisten jeung merenah, ragam basa dicampur.

Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dihormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu geus akrab, saperti nyarita jeung babaturan anu geus akrab.

Di handap ieu conto wangun paguneman dina hiji sawala atawa diskusi anu dipiluan ku tilu orang pamilon, panumbu catur jeung saurang girang serat, anu ngagunakeun basa Sunda Ragam Basa Hormat / Lemes. Dina paguneman di handap dijentrekeun teks atawa kekecapan anu dicaritakeun ku moderator atawa panumbu catur:

Sawala

Amir (panumbu catur) : Assalamualaiukum wr wb (dijawab waalaikumsalam wr wb ku pamilon jeung girang serat sawala). Hatur nuhun ka sadayana anu parantos sumping dina acara sawala kanggo medar atanapi ngabahas perkawis rancana piknik urang ka Jakarta. Dina ieu sawala, anu janten girang serat nyaeta Lia, kumaha parantos siap Lia?
Lia (girang serat) : Mangga, simkuring parantos siap
Amir : Salajeungna mangga parantos aya anu kagungan saran, kinten-kientenna urang teh di Jakarta bade ka mana wae?
Budi (pamilon 1) : Simkuring gaduh saran engke di Jakarta teh saena mah urang ka Taman Mini Indonesia Indah, teras ka Ancol, eta panginten dua tempat anu teu kenging kalangkung
Amir : Muhun sae saran ti Budi. Anu sanesna kumaha?
Heni (pamilon 2) : Eta ka Taman Mini sareng ka Ancol teh panginten dinten ka hiji sanes?. Tah, dina dinten ka duana mah simkuring usul urang balanja ka Pasar Pagi Mangga Dua
Lia : Aduh eta usul ti Heni teh simkuring mah sapagodos pisan. Ieu ku simkuring moal kakantun bade dicatet (ceuk Lia salaku girang serat, bari seuri)
Amir : Nya muhun ari istri mah resepna teh balanja, teras urang pameget ka mana?
Cepi (pamilon 3) : Nya atuh di daerah Mangga Dua mah gampil kanggo pameget oge, urang tiasa ka toko-toko elektronik anu aya sabuderan Mangga Dua
Amir : Mangga atuh, panginten urang tos gaduh acara anu sae. Engke hasil sawala ieu urang diwartoskeun ka rerencangan anu sanesna, supados langkung seueur anu ngiring piknik ka Jakarta
Lia : Muhun, mangga engke ku simkuring catetan hasil sawala ieu bade dikintunkeun ka sadaya anggota nu aya
Amir : Hatur nuhun Lia. Rupina sakitu sawala dina dinteun ieu, mangga urang tutup sawala ieu ku maos hamdallah. Alhamdulillah.

11. Pek pilih saurang panumbu catur dina media elektronik anu nurutkeun hidep mangrupa panumbu catur anu hade

JAWABANNYA

Dalam bahasa Indonesia berarti pak pilih link catur pada media elektronik yang menurut hidep merupakan link catur yang bagus

12. Contoh panumbu catur tentang lingkungan?

…………………………….

13. Panumbu catur arti nya

orang yang bertugas mengarahkan jalannnya sawala/moderator. sedangkan peserta sawala adalh pamilon

14. naon nu dimaksud panumbu catur

panumbu catur teh bagian handap catur

15. istilah panumbu catur sarua jeung….

Sarua jeung nyaeta jalmi nu mawakeun narasi atawa informasi dina hiji acara atawa kagiatan.

Smoga Membantu

16. naon tugas panumbu catur

Tugas panumbu catur nyaeta ngatur jeung ngarahkeun jalanna hiji sawala. Sawala teh dina basa Indonesia sarua hartina jeung diskusi. Dina hiji sawala biasana sok aya nu disebut panumbu catur, girang serat jeung pamilon. Panumbu catur hartina sarua jeung moderator. Girang serat sarua hartina jeung notulis atawa sekertaris. Sedengkeun pamilon hartina sarua jeung peserta.

Sawala teh kaasup paguneman resmi. Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa ngawangkong silih tempas, anu pamilon atawa pesertana dua urang atawa leuwih. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu remsi. Dina paguneman resmi, saperti sawala, sok dibarengan ku aturan-aturan anu sifatna resmi jeung unggal peserta ngabogaan fungsi masing-masing, saperti fungsi panumbu catur, girang serat, jeung pamilon.

17. naon tugas panumbu catur

Tugas panumbu catur :

1.       Ngajaga atawa miara jalanna diskusi = Memimpin jalannya sebuah diskusi

2.       Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna diskusi sangkan ngahontal tujuan anu dipiharep = Sebagai pengarah dan penegas jalannya sebuah diskusi

3.       Nanun jeung ngamalirkeun kahayang pamilon diskusi. = Menyuarakan yang diinginkan peserta diskusi

4.       Nyieun kacindekkan saheulaan tina hasil diskusi = Menyimpulkan hasil akhir dari diskusi

5.       Ngarumuskeun hasil nu bias ditarima ku sadaya pamilon diskusi = Memberi tahukan hasil kesepakatan dari diskusi

18. Apa yng disebut dengan panumbu catur

Panumbu catur nyaeta jalma anu dipercaya nyekel kendali pikeun ngatur lalu lintas atawa patali marga diantara pamilon diskusi.

Tugas panumbu catur :

1.       Ngajaga atawa miara jalanna diskusi.

2.       Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna diskusi sangkan ngahontal tujuan anu dipiharep.

3.       Nanun jeung ngamalirkeun kahayang pamilon diskusi.

4.       Nyieun kacindekkan saheulaan tina hasil diskusi.

5.       Ngarumuskeun hasil nu bias ditarima ku sadaya pamilon diskusi.

Cara jadi panumbu catur :

1.       Panumbu catur perlu mikanyaho tata cara sopan santun.

2.       Omongan panganteur kana kagiatan diskusi alusna mah singget tapi jelas.

3.       Perlu miboga sikap objektif.

4.       Persuasive.

5.       Omongan panumbu catur bias ditarima ku sakumna pamilon.

19. Ciri ciri panumbu catur

Panumbu catur nyaeta jalmi nu mawakeun narasi atawa informasi dina hiji acara atawa kagiatan, tiasa oge dina acara televisi, radio jeung film. Panumbu catur biasana maca naskah anu tos disiapkeun sateuacana, tapi sering oge aranjeuna kedah masihan komentar atawa informasi tanpa naskah.Panumbu Catur televise oge dilibatkeun dina penulisan naskah upami diperyogikeun. Tugas sanesna anu sering dilakukeun ku panumbu catur diantawisna nyeta ngawawancara tokoh, janteun moderator diskusi, jeun masihan komentar dina acara olahraga, parade, jsb.

20. naon nu disebut panumbu catur?

panumbu catuf nyaeta anu mimpin dina acara sawala

Video Terkait

Bagikan: